Postingan

Menampilkan postingan dari Oktober, 2023

CARPON (SI DJURAGAN DEWI, RADEN DEWI SARTIKA) KELOMPOK 4

Gambar
    Si Djuragan Dewi, Raden Dewi Sartika 4 Maret 1884, sakuduna jadi poé pangbagéa di taun éta. Katuhu dina poé Salasa, Kota Bandung Kalahiran hiji putri anu mawa kauntungan ka sakurna kaum wanoja, saurang putri anu merjuangkeun hak jeung kasataraan wanoja. Manehna nyaeta Radén Dewi Sartika, biasa disebut “Uwi” ku kaluwargana. Déwi teh nyaéta anak kadua ti Radén Rangga Somanaraga jeung Radén Ayu Rajapermas. Beda jeung barudak jaman harita nu lain, Dewi nu mangrupakeun golongan ‘Priayi’ kungsi kasempetan diajar di Eerste School (Sakola Walanda) jeung barudak bangsawan Walanda, Indo-Walanda jeung nu sanésna. Dewi leutik dipikawanoh minangka budak lincah jeung tomboy sabab kalakuan jeung sipatna nu siga lalaki tur gagah. Hiji poé dina usum panas, Déwi leutik nu maké kabaya jeung buukna nu disanggul keur ulin jeung babaturanana. Panonpoé panas teu ngahalangan manéhna lumpat lincah kaditu kadieu. Teu lila ti éta, aya awewe kolot nu mangrupakeun palayan di imahna nyamper...

CARPON PAHLAWAN NU TEU DI PIKAWANOH (KEL 1)

 PAHLAWAN NU TEU DIPIKAWANOH Titingal pakewuhan palangan Cadasgorowong, Bandung Barat wewengkon Pasir Cikur, aya hiji jahul leutik anu nyumput dina rungkun. Jahul eta titinggal hiji satria anu teu dipikawanoh, anu gugur dina paperangan, teu acan pernah dicutat dina sajarah kamardekaan. Dina hiji waktu, aya barudak desa Campaka Mekar keur ulin di deukeut jahul di wilayah Pasir Cikur. Maranehna keur arulin kaleci, jol-jol budak anu ngarana Beni teras ninggali jahul jeung rasa panasaran. Sirahna pinuh ku patanya saha eta pajuang anu teu dipikawanoh teh?,jeung naha pajuang eta gugur tanpa tercutat? . Beni nanya ka babaturanna nyaeta Budi “ Hey Bud eta jahul naon nya? Eta teh jahul anu di tunjukeun ku bapak maneh tea lain?”. Budi ngawaro “Duka atuh, daripada panasaran hayu weh urang ka bapak abdi”. “hayu atuh daripada abdi panasaran wae”. jawab Beni Beni jeung Budi buru buru indit ka imah si Budi jang nayakeun jahul tea. “Pak…. pak…”. Budi ngageroan bapakna. “Kunaon jang?”. Bapak budi n...