CARPON PAHLAWAN NU TEU DI PIKAWANOH (KEL 1)

 PAHLAWAN NU TEU DIPIKAWANOH


Titingal pakewuhan palangan Cadasgorowong, Bandung Barat wewengkon Pasir Cikur, aya hiji jahul leutik anu nyumput dina rungkun. Jahul eta titinggal hiji satria anu teu dipikawanoh, anu gugur dina paperangan, teu acan pernah dicutat dina sajarah kamardekaan.

Dina hiji waktu, aya barudak desa Campaka Mekar keur ulin di deukeut jahul di wilayah Pasir Cikur. Maranehna keur arulin kaleci, jol-jol budak anu ngarana Beni teras ninggali jahul jeung rasa panasaran. Sirahna pinuh ku patanya saha eta pajuang anu teu dipikawanoh teh?,jeung naha pajuang eta gugur tanpa tercutat? . Beni nanya ka babaturanna nyaeta Budi “ Hey Bud eta jahul naon nya? Eta teh jahul anu di tunjukeun ku bapak maneh tea lain?”. Budi ngawaro “Duka atuh, daripada panasaran hayu weh urang ka bapak abdi”. “hayu atuh daripada abdi panasaran wae”. jawab Beni

Beni jeung Budi buru buru indit ka imah si Budi jang nayakeun jahul tea. “Pak…. pak…”. Budi ngageroan bapakna. “Kunaon jang?”.

Bapak budi ngajawab. Sanaos kitu Beni ngajelaskeun tentang anu di tingali ku maranehna “Kieu pak, tadi abdi sareng Budi pas nuju ameng  kaleci di wilayah Pasir Cikur mendakan jahul anu atos katutupan ku rungkun. Apa eta jahul pajuang anu teu di pikawanoh teh?”. Bapak Budi ngajawab “ Muhun jang , eta teh jahul pajuang anu te dipikawanoh tea, ujang panasarannya? lamun panasaran mah mending tumaros ka Aki Wirahya. Soalna bapak teu terang caritana kumaha”. Beni nanya dei “Dimana bumina pak?”. “ Eta, teu jauh bumina teh di RT sabeulah”. Kedal bapakna Budi.

Beni jeung Budi ngarasa manéhna kudu apal tentang carita di balik jahul eta. Maranéhna mutuskeun jang neangan jalmi-jalmi anu sakirana masih hirup jeung nyaksian papeurangan di masa panjajahan. Maranehna hayang nyaho kumaha pajuang teu dipikawanoh éta berjuang, naon nu nyieun pajuang eta boga kawani geude, jeung naha maké teu pernah di aku jadi pahlawan? Beni jeung Budi anu kapalang panasaran mapay-mapay desa kalawan harapan manggih hiji jalmi anu bisa méré nyaho di balik misteri pajuang anu teu dipikawanoh éta. Maraneh na ngadongkapan bumi pa RT kanggo nanyakeun di mana bumina aki Wirahya, "Assalamualaikum, pak RT" ,"Waalaikumsallam jang" jawab pak RT "Bade naon jang" tanya pak RT,"Tepangkeun abdi Beni sareng rerencangan abdi Budi ,abdi bade tumaros lamun bumina aki wirahya di palih mananya pak" Tanya Beni, "Ouh muhun ,Bumina Aki Wirahya teh jang di palih Kulon teras lurus we da bumina di palih ujung" waler pak RT,"ouh Muhun, haturnuhun Pak Punteun ngawagel abdi sareung rerencangan bade langsung angkat ka bumi Aki Wirahya nya pak Assalamu'alaikum" jawab Beni "Muhun Sami-Sami jang, Walaikumsalam" jawab Pak RT. Maranehna langsung angkat milarian bumi Aki Wirahya,Maraneh na tos mendak bumina Aki wirahya,"Assalamu'alaikum,punteun" Saur Beni jeung Budi sabari ngagedor panto bumina aki Wirahya, "Waalaikumsalam,Mangga" jawab Aki Wirahya "Sareng sahanya? " Tanya Aki Wirahya " Punteun Ki tepangkeun abdi Beni sareng rerencangan abdi Budi,punteun ngawagel Ki " Jawab Beni "oh muhun jang ,mangga kalebet" Jawab Aki Wirahya,"Muhun,Haturnuhun ki"Jawab Beni sareung Budi,"Punteun ki ,Nami Aki teh leres Aki Wirahya ?" Tanya Budi, Aki Wirahya ngajawab “Ohh, muhun jang Aki teh aki Wirahya, ujang terang timana pun aki teh Aki Wirahya? sareng bade aya naon?.” Budi ngajawab “Abi sareng Beni terang Aki ti bapak abdi. Saur bapak, aki terang carita di balik jahul Pasir Cikur, abi sareng Beni th panasaran caritana jadi bade naros ka Aki.” “Wios teu ki mun abdi sareng Budi bade teurang leuwih detailna?.” Saut Beni. “Enya wios pisan jang sok wae.” Beni pun naros ka Aki Wirahya “Aki terang teu jahul naon nu aya di wilayah Pasir Cikur? soalna jahulna atos katutupan ku rungkun”. Kalawan jeung rasa haru Aki Wirahya nyaritakeun carita dibalik jahul eta “Ohhh muhun jang eta teh jahul para pajuang jaman baheula nu tiwas dina pangperangan. Pajuang eta teh pamuda anu setia kana cita-cita kamerdekaan. Najan ngarana teu di cutat, kawani jeung sumangetna ngainspirasi seueur jalmi-jalmi nu aya di desa eta. Pamuda eta ngorbankeun nyawana jang nyalametkeun jalmi-jalmi di Cadasgorowong tina panindasan anu di lakukeun ku panjajah, Saestuna mulya Pamuda pamuda Eta”.

Aki Wirahya ngalanjutkeun caritana “Pas keur itu tiba tiba aya tamu nu teu di undang pas Aki nuju numbuk buah gandrung di harepen imah puluhan tahun lalu. Pekteh eta tamu anu teu di undang teh panjajah, terus hiji serdadu anu bisa bahasa Melayu nanyakeun di mana rel kareta Bandung-Cianjur. Awalna aya panjajah anu keur neangan rel kareta, teras mencar. Eta awal dimana kajadian eta terjadi, basa eta pajuang teh nuju kacapen teras aristirahat di handap torowongan di Wilayah Pasir Cikur anu berdampingan jeung rel kareta Bandung-Cianjur.  Pas nuju istirahat dihandapen tarowongan, jol-jol we kadangu sora tembakan pestol  jeung pamuda eta atos aya dina kaayaan posisi nu kakepung jeung teu berdaya. Maraneh na reuwas teu bisa kukumaha tapi maranehna teu putus asa, maranehna terus ngalawan dina kadaan anu geus geutih ngalir dina sakujur awakna, hiji hiji pajuang nu aya di dinya gugur. Panjajah eta nyerang ti dua arah, nyaeta ti arah Ciburuy jeung Cipatat. Serangan ngadadak eta teu disadari ku para pajuang. Tempat istitahat pajuang eta teu strategis jang tempat pertahanan. Ayena wilayah eta di kenal Pasir Tulang. Para pajuang kakepung pedah posisina aya di handapeun para panyerang.  Di dinya aki teu tiasa ngabantosan kumargi aki nuju sorangan, jeung sieun deuih pas eta umur Aki karek 20 taun. Aki nyumput kubakat sieun katembak, aki  didinya bingung,sieun,karunya pokona campur aduk pisan. Sampe ayeuna aki sedih inget kajadian eta, aki teu bisa nulungan jeung teu berdaya. Tapi Sanajan aranjeuna teurang kaayaan bahaya pisan, aranjeuna tetep barjuang eweuh kasieun. Aranjeunna teurangeun yen lamun maranehna mundur, masyarakat desa saperti aki bakal sangsara akibat kakejaman panjajah.”

Aki Wiahya ngalnjutkeun deui “Pajuang nu teu dipikawanoh eta teu aya nu ninggal, iwal sababaraha saksi anu oge barjuang dijero pakewuhan eta. Para warga teu ninggal kajadianna soalna para warga teh nyumput kubakat siena, pas kajadian atos beres jeung para panjajah arangkat para warga ninggal  jasad para pajuang. Tapi maranehna teu wani nguburkeun soalna masih sararieuneun keneh, sanes pedah sieun ku geutih tapi sieun ku para panjajah bisi daratang deui. Atos dua tilu poe para warga teh ngawanikeun diri jang nguburkun para pajuang eta tapi rasa sieun teh balik deui. Rasa sieun ka Balanda nyieun warga teu wani nguburkeunna, teras aki nyobaan ngawanikeun diri jang ngadeukeut ka jasad para pajuang eta, aki  saukur wani nyeblokan jasad para pajuang eta ku taneuh. Kondisi jasad para pajuang geus ngabengkak. Nganhanjakal, ari nalika aranjeuna ngaran pajuang eta teu di cutat. Pamuda anu gugur teh leuwih tisapuluh malah neupika puluhan, sareung makam nu aya nisanan ngan aya sapuluh makam, peristiwa ieu aya pas fase perang kamerdekaan tahun 1945.” Sambung Aki Wirahya “ Tah kitu jang caritana, walaupun Aki geus kolot tapi Aki masih inget persis kajadian eta.”

Carita Aki Wirahya ieu masihan jawaban kanggo rasa panasaranna Beni tentang jahul eta. “ Wah, jadi kitu caritana teh ki? karunya pisan.” Beni ngabales ku raray anu ngangres. “ Nuhun pisan ki atos masihan terang kumaha caritana, arurang bakal ngenang jasa ti para pajuang pajuang anu teu dipikawanoh eta”. Budi ngawaler. Aki Wirahya ngajawab “Enya jang sami-sami, aki malah bungah aya nu hoyong terang carita pajuang nu teu dipikawanoh.” Beni ngajawab “Aki sakali deui hatur nuhun ki, abdi sareng Budi bade uih heula. Sareng bade uih deui ka jahul pajuang anu teu dipikwanoh.” “Enya jang sok, aki mah kur nitip pang ngajagakeun sareng ngabersihankeun jahul jahul eta nya. Maraneh generasi muda kudu paduli kana titinggal jaman perjuangan, kudu ngalastarikeun sareng nuluy keun perjuangan para pajuang nya.” wejangan ti Aki Wirahya. “Muhun ki, abdi sareng Budi sareng rerencangan nu sanes bakal ngalanjutkeun perjuangan para pajung.” jawab Budi.

Pajuang anu teu di pikawanoh eta atos nunjukeun kawanian anu luar biasa jeung sumanget anu teu pernah pareum nalika ngalawan panjajah. Nalika seeur anu teu teurang pangorbanan aranjeuna sabagai saorang pahlawan, arwah pamuda eta masih keneh hirup di jero jahul leutik anu nyumput di tengah rurunkunan.

Beni sareung Budi langsung balik deui ka jahul pajuang anu teu dipikawanoh eta, sabari rasa haru sareung hormat. manehna nyimpen kembang di hareup jahul eta sabagai tanda panghormatan atas pangorbanan nyawa pajuang anu teu dipikawanoh. Aranjeuna ngajanjikeun kanggo ngenang para pajuang - pajuang teu di pikawanoh eta ameh carita tentang sajarah eta heunteu kalinglap. Beni sareng Budi uih ka desa sareung  ngacaritakeun deui perjuangan pahlawan nu teu dipikawanoh ka rerencangannana . Aranjeuna bersumpah keur ngajaga sareng ngalestarikeun carita tentang pajuang nu teu dipikawanoh eta. Lamun teu aya pahlawan pahlawan nu berjuang demi kamerdekaan, ayena indonesia moal jadi nagara maju.


PENULIS

1.Amara Putri Denuri

2.Roviansyah billa

3.Bagas Alvaro 

4.Risky Egawara

5.Kiki Anazrillah 

6.Maudi Tama

7.Yuanita F.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

𝐁𝐢𝐨𝐠𝐫𝐚𝐟𝐢 𝐁𝐢𝐥𝐥 𝐆𝐚𝐭𝐞𝐬 𝐒𝐚𝐫𝐞𝐧𝐠 𝐊𝐚𝐬𝐮𝐤𝐬𝐞𝐬𝐚𝐧𝐧𝐚 𝐒𝐚𝐥𝐚𝐤𝐮 𝐏𝐚𝐧𝐠𝐚𝐝𝐞𝐠 𝐌𝐢𝐜𝐫𝐨𝐬𝐨𝐟𝐭

BIOGRAFI JENDERAL ABDUL HARIS NASUTION

Lalampahan hirup Ferdy Sambo, ti mimiti lahir, sakola, karir, nepi ka dipecat ti pulisi